
Oleh,Helen Yulistiani Mahasiswi Semester 7 PBSD UM Kuningan
KUNINGAN(VOX) – Hiji poé urang jeung mamah nimukeun surat di lomari bapak, surat éta teh kaciri na di tulis geus lila, jeung amplopna geus saeutik konéng. Ku urang buka isi surat éta, jeung maca isi surat éta. “Anaking anu dipikanyaah, bapak can bisa ngabaturan deui, bapak miharep néng apal yén bapak pasti aya dina haté neng. Bapak hayang néng jadi jalma anu hadé, jeung soléhah, bapak apal néng bakal jadi jelma anu hébat, sabab néng anak bapak, bapak nyaah pisan ka néng.” Urang ngarasa beurat haté, sabab apal yén bapak téh geus moal bisa panggih jeung urang. Tapi, urang ngarasa bungah, kusabab urang apal yén bapak téh pasti aya waé dina jero haté urang jeung mamah. Urang janji bakal jadi jelma anu bageur jeung ngabakti ka kolot.










Tinggalkan Balasan